budaya ikan lele


                                Budidaya Ikan Lele

   Loba jalma anu katarik kasuksesan budidaya lele,khususna lele sangkuriang. Bewara ngenaan tokoh – tokoh nu sukses usaha ternak atawa budidaya lele makin ngainspirasi loba jalma anu milu terjun jeung ngareupkeun ngaraih kasuksesan tina usaha ieu. Ditambah deui loba informasi ti sababaraha, media ngenaan peluang usaha budidaya lele,anu ngajangjikeun ku sabab pangsaparna luas jeung pamenta kana lele makin ningkat,malahan ka tukang – tukang rame dibicarakeun yeen lele teh milu andil dina komoditi ekspor kusabab aya sababaraha negara anu ngabutuhkeun pasokan lele. Kanggo palaku dina bisnis ieu nambahan sumanget kanggo mulai budaya lele. Kanggo jalma anu nembe usaha atawa napi pernah gagal teu aya salah na mempertimbangkeun tahap –tahap di handap

1.Kedah wawuh kana lele,wawuh jenisna, habitatna,parabna,jeung cara ngarawatna.

2.Nyiapkeun balong jeung lele. Nyiapkeun balong teh ngarupakeun kawajiban nu diperhatikeun kupara palaku usaha budidaya lele,loba kasalahan awal kajadiana dina tahap ieu, balong lele anu teu miluan pasaratan matak teu hade kana kalanjutan usaha budidaya lele. Balong kudu disesuaikeun kana kabutuhan;balong teh di gunakeun jeung nyieun binih lauk atawa jeung ngagedekeun,jenis balong kudu di perhatikeun, aya jenis balong taneuh, balong semen atawa balong terpal. Ukuran balong kudu disesuaikeun kana kisaran kandel ideal nu biasana kisaran 100 sampe 120 lele/meter kuadrat.

3.    Persiapan cai balong

 Tahapan lanjutan nyaeta nyiapkeun cai balong, tahapan ieu wajib dilakukeun kusabab penting manggaruhkeun kana loba panyakit  jeung tinggina angka kamatian lele, misalna masalah PH, PH anu hade jeung budidaya  nyaeta antara 7 sampe 8, kudu make alat pangukur PH anu di jual di pasar. Jadi kudu diinget sakali deui yeen lele teh lauk hirup di cai, jadi di usahakeun lele ngarasa nyaman jeung sesuai kabutuhan hirupna.

4.   Cara mere  parab lauk lele

Masalah marab lauk lele, lauk lele teh termasuk lauk lele anu rakus, asup gologan omnivora , kudu bener cara marab jeung waktuna.

5.   Proses ngala jeung nyebar bibit aluk lele. Proses ngala jeung nyebar lauk lele teh kudu dilakukeun ku cara – cara nu bener. Misalna proses meuli bibit jeung ngabinihkeun salain kualitas bibit lele kudu hade,tempat meuli bibit kudu terjamin jeung bisa dipercaya,saentosna proses ngirim bibit di lakukeun nu bener supados bibit lauk lele  henteu stres jeung salamet sampe ka balong, waktu bibit lele di lepaskeun di balong bibit kudu di lakukeun kucara nu bener dina waktos ngabinihkeun aya proses pamilihan, bibit lele anu di pilih jeung ukurana sesuai jeung di jual atawa diasupkeun kana balong tempat ngagedekeun binih saterasna urang kudu ngalakukeun proses puasa kana binih lele sateu acan dilakukeun pamilihan, hal ieu teh dilakukeun dina waktos ngagede keun binih lele, sabab aya pangalaman lamun lauk lele dina waktos ngagedekeun lauk lele langsung di parab,sok gampang kaserang panyakit jeung paeh.

 

 



Komentar

Postingan populer dari blog ini

rangkuman sistem saraf

Korean